Pidato Nampi Calon Panganten Pameget

Ini merupakan contoh pidato nampi calon panganten pameget dalam bahasa Sunda yang telah penulis gunakan saat acara penyerahan calon pengantin pria (seren tampi panganten pameget) di kecamatan Majalaya, Kabupaten Bandung.

Dalam rangka berbagi dengan pembaca yang sedang mencari Contoh Pidato nampi calon panganten pameget dalam bahasa Sunda, tentunya perlu dilakukan pelatihan dan penghafalan pada inti pembahasan sehingga tidak belepotan ketika menyampaikan maksud dan tujuan.

Saya menyadari bahwa saya bukan seorang ahli dalam berpidato, tetapi saya hanya mengandalkan kepercayaan dan keberanian semata (tanpa pengetahuan yang memadai tapi dengan semangat belajar). Terlebih lagi, jika bicara di depan umum menggunakan bahasa Sunda (walaupun saya pribadi berbahasa Sunda).

Perlu memiliki pemahaman yang mendalam mengenai undak usuk (etiket/aturan, tatakrama bahasa Sunda) yang telah mapan dan digunakan di wilayah Pasundan. Beberapa contoh seperti sikap, nada bicara, dan memilih kata yang lebih sopan ketika berbicara dengan seseorang yang lebih tua dari kita.

Rancangan pidato ini tidak memakan waktu yang lama. Saya memikirkan bahwa sudah saatnya berhenti berbicara terlalu lama dan langsung melanjutkan perjalanan, mengingat rombongan pengantin sudah lapar dan ingin segera makan. Kebetulan, hal yang paling penting adalah adanya kesepakatan tertulis dalam upacara pernikahan antara kedua belah pihak.

Berikut adalah contoh naskah pidato panampian calon pengantin pria yang masih memiliki kekurangan. Silahkan ubah sesuai kebutuhan jika perlu.

Teks Nampi Calon Panganten Pameget Bahasa Sunda

الحمد لله الذي احل النكاح وحرم السفاح أشهد ان لا اله الا الله واحده لا شريكله واشهد ان محمدا عبده ورسوله الذي لا نبي ورسول بعده. اللهم صل وسلم وبارك على رسول الله محمد ابن عبد الله وعلى اله و صحبه ومن واله. أما بعد.

Puji anu jadi malatina ati kagungan allah rabbul izzati

Puja anu jadi campakana dada kagungan allah azza wajalla

Syukur anu jadi mimiti kacatur kagungan allah rabbul gafur

Dzat anu parantos maparinan ka urang samudayana kasehatan kasalametan miwah kasempetan sahingga urang sadayana tiasa riung mumpulung patepung lawung paamprok jonghok patepang wajah dina haplah anu ingsya allah seer ngandung barokah.

Sholawat sinareng salam mugia tambih tercurah limpah ka baginda alam tegesna kanjeng nabi Muhammad shallallahu alaihi wasallama ka para sahabatna, tabiin atbaut tabiin dugi ka urang sadayana mudah mudahan ku wasilahna ngaos sholawat janten cukang lantaran urang dipaparinan syafaatul udzma sareng syafaatul khossoh ti mantena. Aamiin

Hadrotul mukarromiin para kasepuhan para alimil ulama para sarjana para tokoh pejabat Negara, para kiyai para santri para qori para tokoh agami wabil khusus panganten pameget miwah kulawarga besarna anu ku simkuring di pika hormat mudah mudahan ngempelna urang dina danget ayeuna sing dijantenkeun perkumpulan anu dipinuhan ku rahmatna allah sareng ditangtayungan ku ridho sinareng magpirahna allah subhanahu wata’alaa. Aamiin.

Sateacan ngomo nu dimaksud ngedalkeun anu dicita cita nu kusimkuring di pikahormat bapa pengatur waktu panjajap acara, simkuring ngahaturkeun mangrebu rebu nuhun laksa keti kabinghan parantos masihan waktos ka simkuring pikeun nyarios.

Sakumaha anu tos didugikeun nembe ti wawakil keluarga besar calon panganten pameget

Simkuring atas nami asmana pun lanceuk Kang pulan nampi kalayan bingah anu amar watasuta bingah anu kagiri giri bingah anu teu aya hinggana kana naon wae anu janten pamaksadan ti calon panganten pameget miwah kulawarga besarna.

Simkuring nampi kana silatur rahmina pamudah mudahan ku wasilahna ngalaksanakeun silatur rahmi hubungan urang samudayana sing tambih raket sanes saukur di dunia tapi natrat dugi ka akherat. Amin

Simkuring oge nampi kana janji anu jadi pamengket ati atuh mudah mudahan calon panganten istri anu ngadago dago ti bareto nganti nganti ti kamari kana ieu janji teu ngaraoskeun hariwang deui sabab aa nage alhamdulillah parantos dugi.

Simkuring oge nampi kana barang cacandakan nana aya paribasa nembe saur wakalah ti calon panganten pameget teu jangjang teu jing jing teu kapal teu kepeul da teu aya kapal anu tiasa ka kepeul. tapi kasakseni ku urang samudayana ieu cacandakan anu sakieu rebona alhamdulillah seja disanggakeun ka calon panganten istri, katampi ku asta kalih kasangga kalingga murda mudah mudahan dibales ku Allah Subhanahu Wata'ala kalayan babales anu berlipat ganda. Pamudah mudah ieu cacandakanteh sing ngandung barokah tur ngandung manfaat pikeun ngambah sagara rumah tangga. Amin

Anu salajengna urang doakeun ku urang sadayana mudah mudahan ieu calon pangantenteh sing dijantenkeun ku allah subhanahu wata'ala sebagai keluarga anu sakinah mawadah warahmah rodhiatan mardhiah. aamiin

Simkuring nembe katitipan saur ti pun lanceuk hapunten bilihmah kirang dina panampian nana sareng kirang dina nyugemakeun nana.

Sakitu anu tiasa kapihatur hapunten bilihmah kirang titi kirang tata duduga peryoga cologog sareng sajabina malum ciri sabumi cara sadesa. sakali deui hapunten saageung ageungna akhirul kalam assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url
Ikuti Kami